Wednesday, December 16, 2015

Icih dan Udin

Udin jeung Icih keur mandi duaan di kamar mandi. Teu lila kadangu aya nu ngetrok panto imah,,. Jiganamah tamu. Icih gura giru kaluar bari ngan ukur disamping anduk wungkul, terus weh mukakeun panto imah. 

Kasampak aya tamu si Aceng keur olohok ningali nu mukakeun panto ngan ukur make anduk wungkul, matana keukeureuceuman jiga nu kaasupan sireum. 

Aceng : Cih, Udin aya?.

Icih. : Aya kang, keur mandi !.

Aceng : Yeuh Cih ku uing dibere duit sajuta, asal Icih daek muka anduk eta, sakeudeung weh!.

Icih : Nu bener kang?, tapi sakeudeung nya !.

Aceng : Enya, bener !. (Trus Icih mukakeun andukna aya kana samenit mah, geus kitu di pake deui).

Aceng : Nuhun Cih, tah ieu duitna sajuta, ke weh ka Udin mah uing nelpon !.

Icih bungaheun pisan, sanggeus duitna disumputkeun, Icih balik deui ka kamar mandi).

Udin : Aya saha Cih..?.

Icih. : Eta kang Aceng !.

Udin : Oooh, trus nitip duit teu sajuta,,? Soalna kamari nginjeum duit rek dibalikeun poe ayeuna ceunah...! .

Icih. : Glek,,,,glek,,,glek,,@%$#%$#^@&^%

Wilujeng
  • Share:

2 comments: